Perhatikan !!! Berikut ini “20 Amanat Kolot” Sebagai Kunci Kehidupan

4426

Oleh : KH. M. Nuh Addawami (Rois Syuriah PWNU Jawa Barat)

  1. Sholat Awal Waktu
  2. Ulah Eureun Néangan Elmu
  3. Ulah Poekeun Dunia Pulitik
  4. Ulah Eureun Néangan Babaturan
  5. Pertahankeun Aqidah Tur Istiqomah
  6. Lamun Hayang Maju Ulah Eureun Mikir
  7. Lamun Hayang Maju Kudu Daék Capé
  8. Ulah Embung Disebut Bodo
  9. Ulah Embung Disebut Sahandapeun
  10. Sagala Nu Tumiba Ka Diri Gara-Gara Diri
  11. Ubar Diri Aya Di Diri
  12. Euweuh Nu Nyaah Kana Diri Kajaba Anu Boga Diri
  13. Harga diri Kumaha Diri
  14. Ari Ngitung Kudu Ti Hiji Ulah Ujug-Ujug Angka Salapan
  15. Mun Keur Nyieun Pondasi Tong Sok Waka Mikiran Kenténg
  16. Sanajan Teu Lumpat Tapi Ulah Cicing
  17. Sagedé-Gedéna Jalan Syaré’at Ulah Matak Ngurangan Tawakkal Ka Alloh
  18. Tong Leumpang Dina Hayang, Tong Cicing Dina Embung, Tapi Kudu Lempang Dina Kudu, Kudu Eureun Dina Ulah
  19. Tong Lésot Haté Tina Éling Ka Alloh Dina Kaayaan Kumaha Waé, Sedih, Susah Jeung Bungah
  20. Sarébu Sobat Saeutik Teuing, Hiji Musuh Loba Teuing.