ASSALAMU’ALAIKUM MADINAH..

132

Nalika dampal nincak tanah Kota Baginda.
Teu weleh weleh keclak cisoca. Bagja mah bagja, bungah mah bungah. Ngan rasa rumasa pinuh ku dosa, inggis rek nepangan Nu Maha Kawasa. Manah waswas ku boa-boa, sanajan apal Paduka leuwih ti jagad pangampura.

Kawitan, seja ngalap ahli bubuka: Kanjeng Nabi anu Mulia. Nu kagungan asihna syafaat, anu jembar ku welasna kacinta.

Jungjungan, haturan raga jeung sukma. Duuuh.., luhur teuing jigana, ajrih kacida saumpama tiasa jadi kebulna tarumpah Salira. Bagea..

Wawan G
Madinah, 14-06-2023